Thursday, March 21, 2013

Carita Urang

Napak tilas dina emutan
Munggaran paamprok teuteup jeung manehna
Debar hate nu karasa
Awor dina hiji wanci

Silih asih ngiket jangji
Janji satia sauyunan
Medalkeun maksad dina manah
Netepkeun hiji nu dipikacinta

kiwari urang duaan geus beda
nanging rasa tetep eunteup
taya basa anu beda
masih keneh siga baheula

anjeun.. taya deui mung anjeun
anu dipikaasih
anu dipika nyaah

anjeun..
ngan saukur anjeun
rasa henteu bisa ngabobodo
ieu hate ngan ukur keur anjeun


mung Gusti anu uninga
sadaya rasa nu aya dina manah
duriat tetep kabeungkeut
najan takdir teu nyatuju

carita cinta nu urang
moal leungit ku mangsa
mun jodoh pareng urang ngahiji deui
dina mangsa nu abadi

By: rainerz
As posted on www.MobineSSia.com

No comments:

Post a Comment